Sejarah SWS
Tentang SWS | Sejarah SWS | Kagiatan SWS | Organisasi SWS | E-Mail Gratis | Sawala Budaya | Pepeling | Warta SWS | Foto-foto kagiatan | Warta Kasundaan | Link Kasundaan | Webmaster
Klik Kanggo Kaluar
Waktu di SWS

 

 

 

Jaman baheula.... aya hiji raja, boga anak hiji..... anak na teh dibere ngaran Sri Baduga Maharaja atawa nama leutikna mah Prabu Anom Jayadewata..

Apal teu saha jelema eta ?Pas geus gedena mah manehna teh katelah ku sebutan Prabu Siliwangi.... tah, ayeunamah apal kan saha eta ? terus naon hubunganana Siliwangi jeung sajarah SWS ?Is...keheulaanan, nu puguh mah Siliwangi teh salah saurang karuhun urang. Bisa jadi urang teh turunan ka sabaraha... ti Siliwangi. jadi mun euweuh sajarah Siliwangi moal aya sajarah SWS, bener teu lur ...???

-->

Tah, ayeuna mah nu benerna... jadi baheula teh basa jaman orde baru, pernah aya sakumpulan jelema anu ngarumasakeun manehna urang Sunda. Padahal mah teuing Sunda timamana horeng... da teu puguh asal-usulna. Bae lah urang teruskeun... tah... jelema-jelema eta teh boga inisiatip pikeun teu eraeun teuing cicing di Bandung, tapi teu ka aku urang Sunda. Naha bisa kitu ? heueuh, kapan jaman harita mah can dikenal nu ngarana otonomi daerah tea... jadi di unggal daerah teh anu kawasa mah angger ngan urang sadaerah wae...(kumaha presidenna meureun)

-->

tah.... jadi weh SWS (??? asa teu puguh). Nu penting mah SWS teh aya jeung bisa hirup deui. kapan SWS teh pernah ngalaman teu jalan pisan, nu istilahna mah jalan ditempat tea, eta teh nepi ka dua taun saacan repormasi tea... basa dua taun saacan repormasi damei di SWS lumangsung hiji repormasi nu teu puguh bentukna. pokonamah ujug-ujug aya, we deui kapengurusan teh, sanajan euweuh kagiatan ge...

lanjut

 




Nanaonan wae atuh lamun euweuh kagiatan mah ? ah, nu penting mah bisa ulin we... bari beuteung seubeuh, istri seubeuh, jeung duit weuteuh. (wei...amit-amit) tapi dalah di kumaha,lur, da emang kitu kanyataanana, sangkilang nu kanu istrina mah, nepi ka ayeuna angger we.... euweuh nu beubeunangan (Montong ngajebiwan, da kanyataan!!). Ka mana wae ulinna ? eh, puguh atuh ari ka pangandaran mah asa ngan saukur ka cai weh... da mindeng pisan. Naha baroga duit kitu nepi ka sering ulin kitu ? Is...!!! tong lepat. di SWS mah aya nu disebut asas manpaat. teu apal nya ? eta teh maksudna mangpaatkeun saha we.. nu kabeneran imahna aya di sajajalaneun ka pangulinan. jadi ngamodal teh ngan ukur jang udunan bensin ungkul, da masalah kadaharan jeung kasarean mah geus aya nu nanggung nyaeta anu dimangpaatkeun tea...-->

Kadang-kadang mah, lur, ngan saukur modal baju ganti hiji (jang maen di cai) geus wani ngaprak nepi ka pangandaran, kumaha teu jarago tah barudak jaman baheula mah ? Tapi baheula oge geus aya istilah "ulah kabawakeun ku sakaba-kaba" anu diomat-omatan pisan ka barudak baheula. tapi nepi ka ayeuna, can pernah dipanggihan nu ngaranna sakaba-kaba teh, jadi nya bebas we da teu kabawakeun. meureun lamun kapanggih nu ngarana sakaba-kaba teh bakal dipaehan heula ku barudak, tuman atuh da, ngagogoreng ngaran batur. Salian ti pangandaran, pangulinan barudak teh nyaeta ka palabuan ratu. tapi dasar geus jadi adat, angger we anu maen teh asas manpaat. abong aya anak pajabat, rek asup ka pangulinan ngan sakur "punten A...ngiring ngalangkung.."

-->

da eta mah lamun kapanggih ku mahasiswa ayeuna, meureun geus dititah lengser eta pajabat anu ngidinanana, dianggap kakaen meureun.Tuh, kumaha kurang ngeunahna jadi budak SWS jaman baheula ? teu kawas jaman kiwari rek ngayakeun hiji kagiatan wae, lamun lain ku nu boga idena mah dilaksanakeun, cadu lamun bisa jadi eta acara. nu matak ka barudak ayeuna, barudak baheula nitip pesen... cik atuh sing kompak jeung dulur teh, bisa silih ngaping ku kaasih, ngajaring ku kanyaah, ngahormatan nu kolot, nyaah ka nu ngora. bari ulah poho gawe sing bener... tong ngandelkeun wae batur !!

Kaluhur Deui

R. Syahid Adhiawardana