Would you like to make this site your homepage? It's fast and easy...
Yes, Please make this my home page!
Kagiatan SWS
Waktu
di SWS

Geus Teu kudu loba catur tanpa bukur loba carita tanpa eusina, SWS mah ti bihari
ka kiwari oge loba pisan kagiatanana. Diantawisna :
- Try Out nu rutin diayakeun unggal taun (nu kuduna dua taun sakali) ti taun
1997 dugi ka ayeuna. Tujuan diayakeunana, naon deui lamun lain jang meunangkeun
dana jang operasional barudak SWS (duka pengurus kitu). Nu mingpin na teh
nyaeta kang Teguh sareng kang Erwin, kang Beni sareng Kang Jali
- Pasanggiri Seni Sunda nu ngawitan diayakeun di taun 1998. Ieu teh rencananamah
bakal jadi agenda duataunan ti rengrengan SWS jang ngabaktikeun elmu pangaweruh
jeung mere wadah jang kagiatan kasenian di kalangan barudak sakola. Baheula
mah nu diayakeun teh nyaeta pasanggiri degung, pasanggiri rampak sekar sareng
pasanggiri debat sunda. Nu mingpin ieu acara teh nyaeta kang Irwan sareng
kang Dodi.
- Lokatmala SWS, anu mangrupakeun hiji acara panampian barudak anyar. Didieu
calon anggota SWS dididik ngarah bisa nurutan lanceuk-lanceukna (nu sok ulin
wae) jang aktip di organisasi. Sabenernamah ajang pengkaderan sareng ajang
pencarian bibit-bibit potensial, boh nu jago seni, olehraga, organisasi, tapi
pangpangnamah bibit-bibit anu geulis (he...he...he... kabeh ge ngilu nyerengah
da). Nu Mingpin na teh nyaeta Kang Ija, sareng kang Ahmad.
- Anu nembe pisan diayekeun mah nyaeta kagiatan Sawala Budaya Sunda SWS 2001
nu mangrupikeun hiji rangkean kagiatan dina festival seni dan gelar budaya
sunda sws 2001 (naon, fesegebes kitu ?) anu ngahadirkeun inohong-inohong sarta
pakar-pakar kasundaan. nu mingpin na teh kang Dani.
- Kagiatan Outdoor mah tos teu kaetang deui. Pangandaran, Palabuanratu, Garut,
Papandayan, Gn.Gede jeung loba deui tempat anu geus kaaprak ku barudak SWS.
Geus lah tong kabeh disebutan, bisi nu teu apaleun pada saririk.
Anu leuwih hususna mah, sws teh boga sababaraha kagiatan, anu emang direncanakeun
ti kawitna, eta mah padamelan pengurus, aya oge nu saharitaeun diayakeun ku
kasepuhan atawa saha we nu aya. Jiga kagiatan pangaosan rutin mingguan SWS,
nu di motoran ku kang Deden, atanapi pangaosan unggal maghrib, sami ku kang
Deden, bakti sosial ku kang Deden, ah siganamah sagalana oge di motoran ku kang
Deden, jago atuh da naek motor na...