Warta SWS
Tentang SWS | Sejarah SWS | Kagiatan SWS | Organisasi SWS | E-Mail Gratis | Sawala Budaya | Pepeling | Warta SWS | Foto-foto kagiatan | Warta Kasundaan | Link Kasundaan | Webmaster
Klik Kanggo Kaluar

Waktu di SWS

 

 

 

Warta SWS

Warta ti Kang Dadan

Lp. 6 april 2001 Dinten Sabtu, 14 April 2001 kang Dadan parantos narosan ka kulawargi teh Dian (tengah kadua ti kanan) di Garut. Ka rengrengan SWS disuhunkeun pidu'ana boh kanggo kang Dadan atanapi teh Dian.Iraha yeuh jatukrami na ? iraha nu sanesna tiasa nyusul ?


Sababaraha waktos (sataun dua taun) kapengker rengrengan sws nu kalebet tos bangkotan ngariung di sekre. terus dipoto bareng. tah hasilna sae kan...
sok pilarian saha nu pangkasepna. da jigana nu geulis mah teu aya ....

 

Kongres SWS 2001
Lp.23 april 2001.
Geuning teu karaos.. sabtu ayeuna, ping 28 April kongres teh baris diayakeunana. Sok lah adi-adi sing alakur, nya kang Hari ? kasepuhan oge diulem, mung saukur janten "peninjau". sok lah keun sina adi-adi anu ngamajukeun SWS ayeuna mah.

Warta Teknologi Informasi ti NH-Net

Anu namina jangji kumaha oge kedah dicumponan. Kitu deui rengrengan di LeuwiPanjang anu ngagaduhan jangji ka panitia Sawala Budaya Sunda kamari. Naon ari janngjina ? nyaeta bade diajar sasarengan perkawis jaringan komputer tea... Sok lah diantos kaumpinganana.

Warta Maenpo ti RJF

Kang Adhuy,spk.
Perkawis persiapan riset Maenpo thea, Akang tos ngontak
Kang Gending Raspuzi (dedengkot persilatan di Tatar Sunda) tos ngobrol
sakedik dasarna anjeuna satuju ngajar privat perkawis maenpo dasar (kendang
penca), khusus kanggo Maenpo Peupeuhan (Senina ku Kacapi
Suling) anjeuna ngarekomendasikeun Kang Rafizen (Zezen) nu Bukuna aya di
Akang thea.
Janten siap-siap lah ........ urang latihan.

Kang Gending Raspuzi :
Kantor : Gandapura 69 : 022-4207862
Tempat Latihan : Lengkong Besar 19 : 022-4203796
Bumi : Jl. Gerlong Tengah 63 : 022-2011832
HP : 08122386534

Kang Rafizen
Bumi : DI Marga Hayu Raya, Tlp. 022-7508017
HP : 0818229648

Warta ti kang Jajang :
Lp. 5 april 2001.
Insya Alloh, garwana kang Jajang anu linggih di cicukang, kirang langkung dua sasih deui bade ngababarkeun. atuh kang jajang sakulawargi nyungkeun pidu'ana. supados salamet boh bayina, boh mamahna. sarta mugia eta putra teh dipasihan naon nu dipikahoyong ku kang Jajang nyaeta janten jalmi anu 'aliman, Sholihan sareng mujahidan, Amin...

 

 



Lebetkeun warta panganyarna ka webmaster atanapi telp.di no. +628156034048